Senin, 03 Agustus 2015

Lirik lalaunan kasedih nurih
Peurih ... nyebit salambar ati saeutik-saeutik
Duh geuningan
Rumpakaning kahirupan kuloba kelirna
Gambaran nyata
Yen dunya aya dina kebatan kertas anu dirunday ku mangrupa carita.

Sakapeung lamun hate keur malaweung
Bet asa hayang nganjang deui ka mangsa katukang
Waktu nu kungsi kalarung
Dimana dunya asa lega
Pinuh ku seungit mamanisna tresna

Asa ku harianeun
Ngadon diteungteuinganan ku kanyata'an
Lumpat tina rangakgakna rungga
Tigebrus kana jurang nu teu kaukur jerona
Nyangsaya taya daya
Pasrah ngabarung neureuy cimata
Nalangsa ... teungteuingeun

Nyeri peurih geus paranti
Lara tunggara betah na tempatna
Kabungah ngan jadi semah
Suka seuri kur jadi paminding jumeritna sajeroning ati

Duh Gusti
Batan hirup nete semplek nincak semplak
Laju ajur mundur ancur
Ngalawan matak perlaya
Jatining diri ninggang dina na'as kacida
Ti'is diri sulaya sagala nudiseja
Tunggara ngakayon dina raga

Kur bisa ngarahuh
Sumegruk maturan peuting
Manjang dina panon herang .....melang
Duka teuing isukan bakal jiga kumaha nu bakal tumiba
Samagaha asa taya reureuhna
Teungteuingeun ari kahirupan
Teungteuingeun ...............................

Editor : Cimata Nyi Iteung ( Garut )
Blog : Hadye                    ( Cianjur )

Puisi Sunda yang berisi " Angan dan Harafan "

Soca mah peureum
Mung teu reup wae
Manah nyileuk teu kiceup-kiceup
Rarasa'an asa kakalayangan
Teu puguh nudirasa
Ngahontal pamohalan puguh teu wasa

Sakeclak cimata moncor tina sela-sela bulu mata
Nyurudut lalaunan ngahaja teu ditahan
Maseuhan kahoncewang nunyaliara
rembes nepika tutugan sajeroning katresna.
Nalaga na dada
Teu ratug nungul
Teu nogencang  matuhkamelang

Duka teuing
Duka naon gambaran nukedal
Duka kumaha
Duka teuing nu nangtung nungguan jirim
Meureun enya salira
Teu pati gancang hayang mirosea.

Baku 
Mun padu rasa diumbar
Kanalangsa puguh taya tungtungna
Nu geus puguh bari jauh apan moal kasaba
Lain lamping beda reuma
Lesatri dina kamulya'an Gusti
Insya Alloh sampurna.

Moal boa kalangkang nu nuturkeun rengkak diri
Manjingkeun kahayang nu teu kongang kabiruyungan
Kur jadi kereteg nu mirun pinuh ngabangbalung
Mawa nyoreang jauh kabingung
Lengkah keupat jentre nyalahan tina harepan
Mundur mungkur tayohna kapalang geus ajur
Tungtung pamustung kur bisa nangtung
Nungguan cileuncang ngirid susuganan
Papalidan dina katalanjuran 
nu estu hese diudaran
Harianeun ....Duh harianeun .........



 

Puisi Sunda yang berisi " Ucapan Perpisahan "


Lalakon hirup nu kungsi dosorang
Natrat saparat mangsa
Lebah jalan satapak nu reumbeuy kukaheman suka jeung duka
Pieunteungeun antara urang jeung urang.

Sagala nu kungsi tinekanan 
kabeh bakal ninggalkeun
Saperti lalakon hirup urang
Hiji - hiji miang
Hiji - hiji datang
Ngaheuyeuk dayeuh kadeudeuh
Ngemban amanat kanya'ah
Malar katresna waluya
Ka asih pinanggih mukti.

Lain baha kana pancen
Lain pista ti andika
Bongan mangsa teu beunang dipersabenan
Megatkeun kanya'ah jeung babaturan
Handapeun tangkal deudeuh nungarandakah
Tempat urang nganyam jeung ngarenda
nguntuykeun mangle harepan.

Duh jungjunan ........... ulah anggang
Ieu gupay pileuleuyan.
Duh Jungjunan ...........
Hayang tetep sasarengan.

Upami wengi keur tingtrim
Cihcir disada dipipir
Eta teh diri kuring nukagagas panineungan
Upama ga'ang ngear dipancuran
Eta teh cinta urang nu nebar ditanah pasundan.

Lebah dieu dimumunggang 
Urang sukan-sukan balakecrakan
Ngarecah bagja murak sadrah jeung sumerah
Patarema leungeun lubarkeun fitnah jeung tugenah
Luhureun talaga wening galih
hampura urang jeung urang
Pileuleuyan jungjunan
Pileuleuyan ....................

Duh jungjunan ulah anggang
Asa hayang tetep babarengan
Tapi mangsa teu merean 
Karasa ngan sakedapan
Bongan pada-pada boga mangsa
Boga wanci titis tulis ti ajali.

Teu geuneuk , teu maleukmeuk
ca'ang bulan opat welas
Jalan gede sasapuan
Mugia numiang gandang
Sapunyere pegat simpay
Paturay patepang deui .

    by : Hadye Agustus 2015
 
 


Puisi Sunda yang berisi kekecewaan

Lebah rerembes ati
Ngareclak  cinyusu teu sa'at.
Najan haben diseuseup sarangenge haneut
Kasono nguwungkeun , karembangan beukah 
ku aworna lengkah mangsa.

Pertela ari cinta ...........
Najan kur sakolepat, puguh ngaharupat
Niruk nembus jajantung
Ngahirupan kahayang
Najan estuning pamohalan

Angin teu leler ngaharewoskeun kaheman anjeun
Anjeun anu jauh
Anjeun nu teu puguh jugjugeunana
Harianeun .........

Masih deukeut deungdeuleu'eun na beungeut
Seungit amungna anjeun leleb diseuseup
Imut manis saliwat siga reureumis
Tetep mawur hayang tepung
Ngarungrum rasa aneh nunguyung haben dikungkung.

Teu kudu apal
Moal adek ditarabaskeun
Najan dina angen hareneg kasidem
Kajeun bae teh teuing

 Sagala rasa sing sabatae nyaliara
Moal dipondah moal diperlaya
Nepika ngabungangangna moal dirasa
Isukan ..... jaga duka kumaha
Carita nu ngareuy duka bakal dugika palebah mana

Rusiah dina sajeroning rusiah
Satungtung renghap masih nyesa
Ngaran anjeun keun sina bumetah
Netep renggenek dina hate nu motah
Duh ..................


                                                                                     Editor :  Cimata Nyi Iteung Gunung Gunturna Garut
                                                                                Blogger   :                          Hadye 

Rabu, 22 Juli 2015


Narsis c kang nana suryana di kotanya kembang Bandung.

Menyempatkan diri untuk berfose di SMAN Sukanagara Cianjur selatan. Maklum alumni Fisika 91. Slm blogger

Sabtu, 11 April 2015

Situs Megalith Gunung Padang @ Edisi Orang Tanggeung Cianjur selatan




Panorama Situs Gunung Padang @ Edisi Orang Tanggeung



Tangga Situs Gunung Padang @ Edisi Urang Tanggeung Ngalalana



Orang Tanggeung berfose di Gunung Padang


Orang Tanggeung bersama Mahasiswa UI di Situs Megalith Gunung Padang



Urang Kertajaya Tanggeung Saat berkunjung ke Situs Megalith Gunung Padang

Nyobian Bendo

Salam 3 jari dari sungai cibuni



Salam 3 Jari dari sungai Cibuni - Tanggeung


Saat Senja Di sungai Cibuni belahan Tanggeung