Senin, 03 Agustus 2015

Lirik lalaunan kasedih nurih
Peurih ... nyebit salambar ati saeutik-saeutik
Duh geuningan
Rumpakaning kahirupan kuloba kelirna
Gambaran nyata
Yen dunya aya dina kebatan kertas anu dirunday ku mangrupa carita.

Sakapeung lamun hate keur malaweung
Bet asa hayang nganjang deui ka mangsa katukang
Waktu nu kungsi kalarung
Dimana dunya asa lega
Pinuh ku seungit mamanisna tresna

Asa ku harianeun
Ngadon diteungteuinganan ku kanyata'an
Lumpat tina rangakgakna rungga
Tigebrus kana jurang nu teu kaukur jerona
Nyangsaya taya daya
Pasrah ngabarung neureuy cimata
Nalangsa ... teungteuingeun

Nyeri peurih geus paranti
Lara tunggara betah na tempatna
Kabungah ngan jadi semah
Suka seuri kur jadi paminding jumeritna sajeroning ati

Duh Gusti
Batan hirup nete semplek nincak semplak
Laju ajur mundur ancur
Ngalawan matak perlaya
Jatining diri ninggang dina na'as kacida
Ti'is diri sulaya sagala nudiseja
Tunggara ngakayon dina raga

Kur bisa ngarahuh
Sumegruk maturan peuting
Manjang dina panon herang .....melang
Duka teuing isukan bakal jiga kumaha nu bakal tumiba
Samagaha asa taya reureuhna
Teungteuingeun ari kahirupan
Teungteuingeun ...............................

Editor : Cimata Nyi Iteung ( Garut )
Blog : Hadye                    ( Cianjur )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar