Senin, 03 Agustus 2015

Puisi Sunda yang berisi kekecewaan

Lebah rerembes ati
Ngareclak  cinyusu teu sa'at.
Najan haben diseuseup sarangenge haneut
Kasono nguwungkeun , karembangan beukah 
ku aworna lengkah mangsa.

Pertela ari cinta ...........
Najan kur sakolepat, puguh ngaharupat
Niruk nembus jajantung
Ngahirupan kahayang
Najan estuning pamohalan

Angin teu leler ngaharewoskeun kaheman anjeun
Anjeun anu jauh
Anjeun nu teu puguh jugjugeunana
Harianeun .........

Masih deukeut deungdeuleu'eun na beungeut
Seungit amungna anjeun leleb diseuseup
Imut manis saliwat siga reureumis
Tetep mawur hayang tepung
Ngarungrum rasa aneh nunguyung haben dikungkung.

Teu kudu apal
Moal adek ditarabaskeun
Najan dina angen hareneg kasidem
Kajeun bae teh teuing

 Sagala rasa sing sabatae nyaliara
Moal dipondah moal diperlaya
Nepika ngabungangangna moal dirasa
Isukan ..... jaga duka kumaha
Carita nu ngareuy duka bakal dugika palebah mana

Rusiah dina sajeroning rusiah
Satungtung renghap masih nyesa
Ngaran anjeun keun sina bumetah
Netep renggenek dina hate nu motah
Duh ..................


                                                                                     Editor :  Cimata Nyi Iteung Gunung Gunturna Garut
                                                                                Blogger   :                          Hadye 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar